Bagus Rangin

Catatan Lain Tentang Bagus Rangin

Siapa Bagus Rangin ?

4

Tertarik untuk mengali dan mencari tokoh-tokoh perjuangan perlawanan terhadap Belanda di kurun abad 19 dan 20, secara tidak sengaja menemukan tulisan tentang Tokoh perlawanan Rakyat Jawa Barat yaitu Bagus Rangin, nama yang dijadikan nama jalan di daerah sekitar kampus UNPAD Bandung. Dr. A. Sobana Hardjasaputra, S.S., M.A Sejarawan senior Fak. Sastra Unpad, Anggota Pengurus Pusat Studi Sunda & Dewan Pakar Sejarah Budaya Ruwat (Rukun Wargi Tatar) Sunda, Mengupas tentang Siapa Bagus Rangin yang dimuat di Majalah Sunda Galura, Sept. 2007. Berikut tulisan beliau tentang Bagus Rangin (Maaf tulisannya dalam bahasa Sunda)

PERJUANGAN BAGUS RANGIN

Sajarah ngébréhkeun yén waktu bangsa Walanda ngajajah bangsa Indonesia, rahayat Jawa Barat henteu nurut kitu waé, siga munding dikeluhan, ka pihak kolonial. Harita rahayat Jawa Barat henteu cicingeun. Di sababaraha tempat, rahayat némbongkeun sikep baruntak. Numutkeun dokumén sajarah, dina awal abad ka-19 rahayat Jawa Barat geus némbongkeun sikep baruntak ka pihak kolonial, dimimitian ku rahayat Palimanan (Cirebon) anu diluluguan ku Bagus Rangin.

Saha ari Bagus Rangin?

Naha inyana boga wawanén baruntak? Bagus Rangin nya éta tokoh masyarakat daérah Cirebon anu pinuh ku élmu agama, loba luang tur lébér wawanén. Éta tokoh asalna ti Demak, turunan Embah Buyut Sambeng. Bapana Bagus Rangin ngaran Sentayem alias Buyut Téyom. Bagus Rangin boga tilu dulur lalaki. Lanceukna ngaran Buyut Bangin.

Dua adina Buyut Salimar jeung Ki Bagus Serit. Sentayem (Buyut Téyom) nya éta kiai (ajengan) anu kacida taatna kana ajaran agama Islam. Inyana mibanda ilmu agama anu luhur, nepika loba jalma jaradi muridna (santri), kaasup Bagus Rangin sadudulur. Dina ngalap élmu agama, Bagus Rangin lain ngan ngaguru ka bapana. Inyana ogé guguru ka hiji ulama Banten jujuluk Ama (Rama) Banten. Hasil gémbléngan bapana jeung Ama Banten dina widang élmu agama, Bagus Rangin jadi jalma soléh sarta remen tirakat. Bagus Rangin mibanda gedé wiwaha sarta lébér wawanén nanjeurkeun bebeneran. Kusabab kitu, Bagus Rangin jadi tokoh anu dipikasérab tapi dipiwanoh ku rahayat, sabab inyana teu sungkan tutulung kanu butuh ku pitulungna. Tabéat jeung sikep Bagus Rangin katohyan ku Sultan Cirebon. Samalah Sultan Cirebon méré kapercayaan ka Bagus Rangin jadi kapala daérah (Kabagusan) Jatitujuh. Dina éta kalungguhan, Bagus Rangin meunang pangkat sénapati. Sanggeus meunang kalungguhan, hubungan Bagus Rangin jeung rahayat beuki raket. Ogé inyana jadi apal, yén di antara urang pribumi anu jadi kapala daérah jeung Cina aya nu jadi anték kolonial. Mémang dina zaman jajahan, pihak kolonial ngagunakeun urang Cina di Indonesia jadi “kaki-tangan” kolonial dina widang ékonomi.

Kusabab kitu, Bagus Rangin lain ngan ceuceub ka Walanda, tapi ogé ka anték-antékna. Bagus Rangin némbongkeun sikep ngalawan pihak kolonial dimimitian ku jadi pamingpin gerakan rahayat Palimanan. Harita rahayat Palimanan kahirupanana beuki katalangsara. Ari sababna, lahan garapan rakyat (patani) diséwakeun ku kapala daérah ka Cina. Sanajan kitu, rahayat diperes tanagana pikeun ngolah lahan sarta kudu mayar pajeg anu jumlahna kawilang gedé. Rahayat teu cicingeun, maranéhna ngadatangan kapala daérah — demo mun kiwari mah –, meredih sangkan jumlah pajeg diturunkeun. Rahayat kacida kuciwana, sabab kapala daérah geus jadi anték Cina jeung Walanda, nepika henteu nedunan pameredih rahayatna. Kusabab kitu, rahayat Palimanan gilig pikeun baruntak, dipimping ku Bagus Rangin jeung adina (Bagus Serit). Saméméh nagayakeun gerakan, jalma- jalma anu jadi pasukan Bagus Rangin jeung Bagus Serit dilatih perang. Anggahota pasukan nu dipimping langsung ku Bagus Rangin jumlahna kira-kira 300 urang. Anu jadi sasaran gerakan nya éta padumukan kapala daérah jeung Cina di kota Palimanan. Wakil asistén residén Cirebon ogé jadi sasaran, nepika tiwas. Iraha tegesna gerakan rahayat Palimanan mimiti der, datana tacan kapaluruh. Anapon kitu, patali jeung éta gerakan, sumber kolonial mangrupa resolusi tanggal 25 Februari 1806, nyebutkeun ayana gerakan ngalawan pamaréntah kolonial di daérah Cirebon. Tangtu gerakan anu dimaksud dina éta resolusi teh nya éta gerakan Bagus Rangin.

Gerakan Bagus Rangin meunang rojongan tokoh masyarakat di sabaraha daerah. Kusabab kitu, dina ngayakeun gerakan saterusna, Bagus Rangin meunang bantuan tanaga, pakarang jeung dahareun (logistik) ti sabaraha daérah. Bantuan tanaga dipingpin ku tokoh daérah séwang-séwangan. Éta bantuan di antarana datang ti daérah Jatitujuh, Rajagaluh, Baruang Kulon, Baruang Wétan, Sumber, Bantarjati, Cikao, Kandanghaur, Kuningan, Linggajati, Luragung, Maja, Sumedang, Karawang, jeung Subang. Dina kaayaan kiwari mah – numutkeun data anu geus kakoreh –, pangaruh gerakan Bagus Rangin sumebar di daérah kabupatén-kabupatén Cirebon, Majalengka, Kuningan, Indramayu, Sumedang, Karawang, jeung Subang. Pakarang anu digunakan ku pasukan jeung balad Bagus Rangin nya éta bedog, keris, pedang, tumbak, bedil jeung mariem. Dua pakarang anu disebut pandeuri jumlahna saeutik, bantuan ti sabaraha urang kapala daérah (bupati).

Pikeun numpes gerakan anu diluluguan ku Bagus Rangin, Gubernur Jenderal Kompeni A.J. Wiese nugaskeun Nicolaes Engelhard pikeun mingpin pasukan Kompeni. Gubernur Jenderal ogé ménta bantuan para bupati di Tatar Sunda sangkan ngirim pasukan. Tapi teu sakabéh bupati tumut kana éta paréntah. Sabagian pasukan bantuan bupati ditugaskeun ngajaga tapel wates daérah séwang- séwangan, sangkan daérah gerakan Bagus Rangin teu ngalegaan. Sabagian deui mantu pasukan Kompeni nyerang puseur gerakan Bagus Rangin di daérah Jatitujuh (Kuningan). Di éta tempat der perang rongkah. Di dua pihak loba anu tiwas, pangpangna di pihak Bagus Rangin. Ari sababna, kahiji, jumlah pihak nu nyerang leuwih loba batan pihak nu diserang. Kadua, pakarang nu digunakeun ku pihak Bagus Rangin teu saimbang jeung pakarang lawan anu lolobana mangrupa bedil. Bagus Rangin jeung sésa baladna kapaksa mundur bari néangan tempat panyumputan. Pikeun sawatara waktu Bagus Rangin henteu ngayakeun gerakan bari ngumpulkeun deui kakuatan (konsolidasi).

Pikeun nambahan kakuatan moril keur kapentingan perjuangan ngalawan pihak kolonial, Bagus Rangin nyepi di sabaraha tempat, di antarana di Pasir Luhur. Di tempat penyepian inyana munajat ka Allah SWT sangkan perjuanganana ditangtayungan. Hal éta nambahan gedéna wibawa jeung pangaruh Bagus Rangin di kalangan rahayat, nepika rahayat boga anggapan yén Bagus Rangin titisan Ratu Adil. Bagus Rangin jeung rahayat Cirebon ngayakeun deui gerakan waktu kakawasaan di Indonesia ragrag ka pamaréntah Hindia Belanda anu dipingpin ku Gubernur Jenderal H.W. Daendels (1808-1811). Alatan anu utama nya éta, kahiji, Raja Kanoman Pangéran Suriawijaya – anu dibuang ku Kompeni ka Ambon, tapi akhirna dibébaskeun sarta dijenengkeun deui sultan – ku Daendels dipecat tina kalungguhanana (2 Maret 1810) sabab sikep jeung tindakan Pangéran Suriawijaya dianggap ngalawan pamarentah kolonial. Kadua, tindakan Daendels ka rahayat kacida telengesna, leuwih galak batan Kompeni. Gawé paksa jeung tindakan Daendels séjénna, estu nyangsarakeun rahayat.

Kusabab kitu, gerakan Bagus Rangin zaman pamaréntahan Daendels leuwih ditujukeun kana ngabéla rahayat, tibatan gerakan dina wanda perang. Loyog jeung anggapan rahayat yén Bagus Rangin titisan Ratu Adil, sabaraha tokoh masyarakat boga pikiran pikeun ngadegkeun nagara mangrupa karajaan. Éta karajaan rék dingaranan Nagara Panca Tengah anu puseurna di Bantarjati, dirajaan ku Bagus Rangin. Ceuk pamikiran para tokoh, tujuan gerakan bakal kahontal ku kakuatan éta karajaan. Éta rencana teu kalaksanakeun, sabab teu loyog jeung kaayaan zaman anu disanghareupan. Kusabab kitu gerakan Bagus Rangin balik deui kana gerakan perang.

Unggal ba’da solat Jumat, Bagus Rangin ngagembléng para pamingpin pasukan jeung anak buahna. Sajaba ti latihan perang, gembléngan rohani ogé dilakukeun, pikeun ngagedurkeun sumanget juang. Unggal waktu gembléngan, para pamingpin jeung anggahota pasukan maraké pakéan sarwa bodas, minangka ciri iklas ngorbankeun jiwa-raga keur ngabéla bangsa jeung agama. Bantarjati daerah Jatitujuh dipilih jadi puseur gerakan Bagus Rangin. Di daérah Bantarjati aya lahan (lapang) lega di Jawura anu hadé pikeun pertempuran tur nguntungkeun pihak Bagus Rangin. Telik sandi (mata-mata) pihak Bagus Rangin méré béja yén pihak kolonial bakal ngerahkeun pasukan — pasukan Walanda jeung pasukan gabungan ti sabaraha kabupatén — ti Kadipatén ka Jatitujuh. Bagus Rangin gancang maréntah anak buahna supaya nancebkeun umbul-umbul warna beureum di lapang Jawura sabagé ciri nangtang perang ka musuh. Bagus Rangin ogé maréntah para pamingpin pasukan sangkan miheulaan nyerang musuh. Sigana pihak kolonial ogé ngirim telik sandi ka Jatitujuh, sabab sanggeus pasukan pihak kolonial datang ka Jatitujuh, terus nyerbu Jawura. Der perang rongkah anu ngabalukarkeun loba anggahota pasukan tiwas, pangpangna pasukan Bagus Rangin. Pasukan Bagus Rangin beuki lila beuki kadesek. Bagus Rangin jeung sésa baladna kapaksa mundur, ngajugjug Desa Panongan. Untung pasukan musuh henteu nyusul.

Dumasar kana data anu patali jeung éta kajadian, bisa jadi perang di Jawura lumangsung dina pertengahan tahun 1810. Kurang leuwih sataun ti harita, pamaréntah kolonial henteu ngayakeun tindakan ka pihak Bagus Rangin. Singhoréng harita kakawasaan Daendels geus melempem, malah harita Indonesia aya dina kalangkang kakawasaan Inggris. Pertengahan tahun 1811 Daendels mulang ka nagri asalna. Kakawasaan di Indonesia ragrag ka pamaréntah Inggris anu diwakilan ku Létnan Gubernur Jenderal T.S. Raffles (1811-1816). Lolongkrang waktu saméméh Raffles ngajalankeun pamaréntahan, dimangfaatkeun ku Bagus Rangin pikeun ngumpulkeun kakuatan keur neruskeun perjuangan. Pamaréntahan Raffles anu sifatna ngajajah tangtu moal béda jeung pamarentahan kolonial saméméhna, kitu meureun pamikiran Bagus Rangin harita. Dina raraga ngumpulkeun kakuatan mangrupa tanaga, Bagus Rangin lunta ka Karawang. Sabagian rahayat di éta daérah ngabagéakeun Bagus Rangin kalayan daria. Malah Bagus Rangin diperedih sangkan mingpin gerakan di Karawang. Tindak-tanduk Bagus Rangin katohyan ku Raffles. Pikeun numpes gerakan rahayat Karawang nu dipingpin ku Bagus Rangin, Raffles maréntah pejabat kolonial di Kabupatén Karawang jeung Cianjur, sangkan bupati éta daérah mingpin prajurit séwang-séwangan. Pasukan Cianjur diparéntah nyerang Karawang. Pasukan Karawang dibantu ku pasukan Mangkunegara ti Solo nyerang Bantarjati, sabab Bagus Rangin geus aya deui di Bantarjati ngeprik wadya baladna. Di Bantarjati der deui perang rongkah (16 – 29 Februari 1812). Kusabab jumlah tanaga pasukan jeung pakarang teu saimbang, akhirna pasukan Bagus Rangin kadesek, terus mundur ka hiji tempat, tapi musuh terus ngudag. Bagus Rangin sabalad-balad ngayonan musuh di éta tempat. Éta sababna éta tempat dingaranan Pangayonan. Bagus Rangin jeung sésa baladna mundur deui ka Panongan. Pasukan musuh ningker Panongan. Nya di tempat éta akhirna Bagus Rangin katangkep (27 Juni 1812).

Éta lalakon nembongkeun yén Bagus Rangin hiji tokoh anu kuat nyekel pamadegan. Ketak Bagus Rangin ngalawan pihak kolonial jeung anték-antékna, némbongkeun Bagus Rangin pageuh nyekel bebeneran, nyaah kana harga diri, tur ikhlas ngorbankeun jiwa-raga ngabélaan rahayat nu katalangsara ku tindakan penjajah, jeung nanjeurkeun bebeneran mungguhing ajaran agama (Islam). Kusabab kitu, éta lalakon penting hartina pikeun jadi pelajaran, sangkan urang teu leungiteun jati diri sarta pageuh nyekel bebeneran. Mugia.

Bagus Rangin adalah tokoh dari Bantarjati, Majalengka, yang menentang dan memimpin pemberontakan melawan Belanda pada Perang Cirebon tahun 1805-1812.

Pada 1805 pertempuran pecah di daerah Pangumbahan, juga terjadi pertempuran di daerah Karesidenan Cirebon dan pantai utara Jawa. Pasukan Bagus Rangin yang berkekuatan ± 10.000 orang kalah dan terpaksa mengakui keunggulan Belanda. Tanggal 12 Juli 1812 Bagus Rangin menerima hukuman penggal kepala di Cimanuk dekat Karangsembung, Cirebon. (id.wikipedia.org/wiki/Bagus_Rangin)

Sumber: http://serbasejarah.wordpress.com/2009/04/05/siapa-bagus-rangin/

About these ads
This entry was posted in Uncategorized. Bookmark the permalink.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s